close

√ Pepatah Bahasa Sunda Sedih dari Bapak untuk Anak Laki-laki

wargamasyarakat.org, Salam Haneut! Sudah menjadi kewajiban orang tua (kolot), baik ayah maupun ibu untuk memberi pesan tersirat atau pepatah pada anak-anaknya. Bukan cuma kolot baheula, namun orang bau tanah masa kini pun mempunyai kewajiban yg sama.

Anak-anak zaman dulu begitu patuh pada pepatah orang renta & guru, sebab pengaruh dr dunia luar masih sungguh terbatas. Dengan kata pamali pula mereka sudah takut.

Beda dgn zaman kini, anak dapat mendapatkan berbagai gosip lewat media elektronik, internet, & media sosial dengan-cara real time. Tantangan bagi orang renta pun dlm mendidik anak kian besar.

Yang namanya orang tua itu, niscaya boga anak lalaki nyaah jeung melang ku lalakina, boga anak awéwé nyaah jeung melang ku awéwéna.

Buat yg punya anak pria, berikut ini teladan pepeling atau papatah kolot keur budak lalaki lengkap dgn terjemahannya.

Jalu, kasép jimat awaking! Pék regepkeun ku hidep, bapa rék méré pépéling.

Hirup kudu akur. Boh  jeung dulur boh jeung batur, ulah pagiri-giri calik pagirang-girang tampian, teu meunang sirik pidik jail kaniaya ka sasama. Angguran kudu silih talingakeun, silih asah, silih asih, jeung silih asuh.

Jalu! hidep téh anak lalaki, sajaba ti jadi pamingpin keur diri téh bakal mingpin kulawarga. Sing jadi lalaki sajati anu pinuh ku pangarti, luhung ku elmu jembar ku pangabisa, landung kandungan laér aisan, leuleus jeujeur liat tali tur daék nulung kanu butuh nalang kanu sulit.

Sing wanian ngan teu meunang wawanianan. Sing hideng ngan ulah hihidenganan. Kudu daék ngéléhan tapi lain harti éléhan.

Jalu! Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat. Ku bapa jeung ema moal burung diduakeun, sing jadi jalma nu guna pikeun balaréa, agama, katut nagara.

Ngan kadé, di mana hidep nanjung, hurung nangtung siang leumpang, luhur kuda gedé dunya, tong adigung adiguna, asa aing uyah kidul.

Poma ka indung ulah culangung. Komo deui ari nepika ngababukeun mah, teu meunang pisan. Ku bapa kanyahoan pisan, kanyaahna ema ka hidep téh leuwih ti naon. Dinangna dinéngné, kawas nanggeuy endog kokonéngna. Ceuk paribasana belaan dug hulu pet nyawa bakating ku sieun hidep sangsara jeung tunggara. Teu sirikna unggal peuting jumerit muntang tulung ka Nu Maha Agung sangkan hidep jadi jalma anu mangpaat, luhur harkat gedé darajat.

Peupeuriheun bapa bodo, atuh hidep mah ulah. Sabab geuning hirup bodo jeung sangsara téh kieu karasana jang!

Ku ema jeung bapa hidep sok rajeun digeunggeureuhkeun lain geuluh lain ngewa, ngan bakating ku deudeuh sangkan anak teu tijalikeuh. Remen dicarékan téh lain bosen miara tapi sangkan hidep teu carékeun.

Keur leutik hidep lucu taya nu nuruban. Bapa peupeujeuh, beuki gedé téh kudu beuki soleh lain beuki salah. Beuki luhur sakola téh sing beuki nyakola.

Tingkah polah sing merenah, nyieun tindakan kudu dibeuweung diutahkeun, ulah gereges gedebug getas harupateun.

Urang sing bisa ngarumasakeun manéh, hirup batan sakieu. Lieuk euweuh ragap taya. Ngan sanajan lubak libuk loba harta bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah ogé tong poho kana purwadaksi. Sing inget, yén sajaba ti bakal bilatungan téh manusa mah bakal balitungan.

Hidep salawasna kudu éling ka Pangéran anu ngusik malikkeun urang.

  Kata - Kata Bijak Wacana Cinta