close

√ 25 Nasihat Sunda Bijak Menggunakan Media Sosial

wargamasyarakat.org, Salam Haneut! Media sosial banyak manfaatnya, namun jika tak bijak menggunakannya dapat mengirimkan pengguna pada masalah besar. Oleh alasannya adalah itu, sebelum jadi masalah sebaiknya tak membuat ulah dgn status-status yg salah. Bukan menggurui, tetapi sekadar saling mengingatkan biar kita semua selamat.

Di bawah ini ada beberapa pesan tersirat bahasa Sunda untuk kita mudah-mudahan bijak memakai media sosial.

1. Media sosial téh ulah dipaké popoyok bisi aya nu ngoroyok. Geus ditéwak ku abdnegara nu berwajib mah ngayokyok.

2. Nyieun status téh kudu dibaca méméh ditulis. Baca balukarna! Bakal pingeunaheun moal? bakal aya nu kasinggung moal? bakal urusan jeung hukum moal?

3. Tong saaplod-aplodna lamun lain aplodkeuneunnana. Sakira-kira jadi pimatakeun mah nanaonan uplad-aplod.

4. Turutan mah nu balener, nyoo pésbuk téh meunang uang lain nyiar panyakit.

5. Kana média sosial téh teuleuman sing nepi kana jero-jerona ulah ukur numpang gaya bari matak cilaka.

6. Nyieun status téh sing alus, nu kadituna matak lulus banglus. Ulah nu matak tigebrus.

7. Naon hartina viral lamun matak nimbulkeun nasib diri nu matak aral.

8. Pék aplodkeun foto atawa vidéo nu matak jadi conto, ulah nu matak susah mah.

9. Nu teu payus ditembongkeun mah ulah ditémbong-témbong.

10. Nulis status di média sosial téh kudu maké tata titi duduga peryoga ambéh teu cilaka.

11. Kadé bisi tina alatan leungeun matak unggah balé watangan.

12. Tong nyieun vidéo nu matak dipaido, ulah nyieun abjad nu matak dipariksa.

13. Ulah ngabagikeun nu matak ngaliarkeun taleus ateul.

  √ 20 Ucapan Selamat Versi Sunda (Pagi, Siang, Malam, Datang, Ulang Tahun, dll.)

14. Ulah ngabagikeun perkara nu balukarna matak sangsara jeung tunggara.

15. Kudu maca méméh nulis, nempo memeh moto, lalajo méméh midéo.

16. Kade kabébasan bermédia sosial ulah kabangblasan bisi awak katempuhan.

17. Status médsos téh ngébréhkeun eusi pikir nu nyieunna. Ti dinya batur bisa meunteun kualitas pipikirannana. Kadé tong nembongkeun bebeletna.

18. Tong ngangluh dina status ambéh hirup teu katénjo teuing ripuh.

19. Tong hayang katanggar beunghar dina dunya maya éra ku tatangga nu beunghar di dunya konkret.

20. Kadé sing asak sasar sabab dina média sosial mah loba béja nu teu beunang dipercaya.

21. Saméméh ngabagikeun téh kudu mikirkeun pibalukareun.

22. Némbong-némbong foto orat matak ngundang sahwat jeung beurat di ahérat.

23. Nulis komentar ulah nu matak dordar.

24. Lamun embung dibangkol kudu bisa ngajaga jempol.

25. Nganggo medsos sing waspaos bilih diringkus kawas perkara nu atos-atos.

Baca juga: Kata-kata Mutiara Bahasa Sunda Kahirupan

Demikianlah, mudah-mudahan berfaedah.