close

Upacara Akad Nikah Suku Sunda

Meong ngarampid babakak




MEMEONGAN :
Adat-budpekerti kasundaan buhun dina ijab kabul turun-tumurun ti karuhun-karuhun. Tug ka ayeuna tetep dipupusti, ditiru, digugu, ku anu rumasa jadi rundayan Sunda. Diupacarakeun, dipintonkeun dibarengan ku rasa agul. 

Agul ku ayana adat titinggal karuhun. Agul ku alusna, agul ku munel siloka-silokana. Agul ku basana tandes, irama rumpakana saeutik tulis leubeut beuti. Gugueun tirueun nu hirup pandeuri. Ku hal eta budpekerti-etika karuhun Sunda teu weleh kapusti-pusti, bari dipinton-pintonkeun dina upacara, ngareuah- reuah karia modana unggahna panganten ka Bale nyungcung. Batan leungit anggur tambah seungit, jadi panggugah hate para sarjana, ngali deui tambahna atawa mesekna.

Meresan nu teu acan marele, mesek nu teu acan kapesek. Tinggalkeuneun ka rundayan Sunda nu tambah-tambah ngarekahan. Kanyataan ayeuna nu kapesek ku sepuh-sepuh Cirebon, tambihna etika siloka Sunda. Teu mustahil eta teh geus ti baheula ayana di Cirebon, namun nyebarna ka Parahyangan rupana ka-bendung ku teu acan aya patali-marga saperti ayeuna. 


Ku wasis jeung waskitana Bujangga-bujangga, iyasa nyipta tarekah keur mepende hate ngilangkeun tugenah hate pamuda-pamudi nu karunghal. Kaasup adat nu alus pisan, teu awon jadi pintonan. Makara tambahna kana upacara adab ijab kabul nu geus aya. 

Alhasil kitu soteh ka pilemburan-pilemburan nu singkur, ka padesan nu nenggang, da di Cirebon sawewengkonna mah,geus lila pisan dipintonkeunana. Nya eta nu disebat memeongan. Memeongan teh kecap dialek Cirebon nu hartina Uucingan. Sabab di Cirebon nyebut ka nu disebut ucing di Priangan teh meong. Memeongan ceuk urang Cirebon ulah dihartikeun Mamaungan ku urang Priangan. Wayahna bae anut, milu nyebut Memeongan nu hartina uucingan (niru-niru lampahna ucing). Dipintonkeunana nyelap dina upacara Huap Lingkung Panganten.

Urang caritakeun heula naon nu dipake mepende hate ka nu dirunghal. Teu cara tarekah nu baheula, kiparatna teh ku dikawinkeun saheulaeun nu arek ngarunghal. Boh awewe boh lalaki nu dek dirunghal, saharita kudu aya papasangan.Teu pilih bulu teu pilih tanding, sanajan pasangan teu saimbang. Tempo-tempo lalaki atawa awewe dibeuli asal daek dikawinkeun pikeun tumbal, disebutna kawin isuk pegat sore. 


Cek babasan harita kajeun teuing, dek disibeungeutan, ari daek dipake kiparat mah.Teu langka nini-nini atawa aki-aki ge dipake tumbal ngarunghal asal diburuhan. Ku bujangga Cirebon dicipta pikeun ganti peta kitu teh,nyaeta ku nalar sangkan kabeuli hatena, sangkan ridoeun dirunghal, ulah aya matakna kana awak,nya ku diturutkeun sapamertana.

Menta naon oge dibere, nurut sakadugana adi beuteung (nu ngawin adina). Teu langka aya anu menta mobil, motor, jsb. 

Ku anu kadada-kaduga mah aya nu dikabulkeun. Tapi kaayeuna- keun geus aya hiji kapastian, naon-naon bae nu beunang dipenta pikeun upah teu ngeunah hate ku anu jadi meong.Ku meong bikang, nyaeta nu dirunghal teh mojang, nu kudu dipenta teh : 

Pakean sapangadeg, seuseukeutan : jarum, peso tikel, gunting atawa kaperluan ngaput/ngarenda.
Ku meong jalu (nu dirunghalna lalaki), nu beunang dipenta sarua bae jeung pepentaanana meong bikang, nyaeta pakean sapangadeg, seuseukeutan, parabot tukang kayu anu ringkes-ringkes atawa parabot bengkel anu tiasa dibungkus. Prak-prakan memeongan kieu Dina rek prak pisan upacara Huap Lingkung Panganten, si meong boh jalu boh bikang, tiba akal-akalan ngontrog ka nu ngawin adina, menta pameuli hate, pamunah tugenah pedah dikawin adina. 

Ku adi beuteung (salaki adi atawa pamajlkanadi), dibeuli- beuli atina ulah siga nu ambek. Bari sok si bungkusan tadi nu eusina seuseukeutan, pakean sapangadeg teh, dipasrahkeun. Make upacara gunting-pita nu tungtung pada tungtung eta pita dicekel ku panganten istri pameget. Kaayaan pita jadi manteng.


Eta si pita manteng bret digunting ku “meong” tea. Ari bret ari belenyeng si “meong” lumpat ngabantun bungkusan tadi. Tapi da puguh meong (ucing),teu weleh bangor. Ngabecir lumpatna teh bari ngarampid bakakak ti hareupeun panganten,tina “adep-adep” nu rek didahar dina huap-lingkung. Dibawa lumpat sakalumpat-lampet, dikepung ku barudak rek pada ngarebut bakakah meunangna meong ngiwat tadi tina adep-adep tea. Pada ngudag nepi ka karebutna ku nu sejen. Sanajan geus karebut ge terus bae si meong mah lumpat kabur, tuluy ngeceburkeun maneh kana kulah (baheula kana kulah soteh, da ayeuna mah asup ka kamar mandi), tuluy nyumput. Meong geus nyumput, kakara Huap-Lingkung diteruskeun. Sakitu tina kasus adab memeongan teh. Tina : Modana 1977 ku : Ki Umbara + RH.Uton Muchtar