close

Sajak Sunda Usaha

basa hiji prajurit kukurusukan dina reuma Sajak Sunda Perjuangan

Perlayana Hiji Prajurit 

Bulan gudawang ngunngun di awang – awang,
bebencé geus leungiteun sorana,
basa hiji tentara kukurusukan dina reuma,
nyingkahan soldadu Walanda nu ngudag saparan – paran.

Omo ti Barukai, katotol Si belut Si Jago weduk.

Lingas taya nu mapakan Walanda taak sabab teu
teurak ditémbak: “Tapak pélor saawak – awak. 
Tapi taya
hiji gé nu timbulkeun tatu; sanajan diborobot ngan
bati béntol.”

Leumpang mapay segi pasir mapay wahangan. Lain sieun

lain kasoran: sabab nasib rayat diutamakeun. Lumpat
mebes leuweung keur meruhkeun lawan durjana. Hiji – hiji dibongohan.
Loba soldadu nu gimir hemar-hemir. Geus jadi bangkarak méméh dijorag.

Kampung diaprak, rayat dikeprak-keprak. Omo nyingsat,

ngolébat kawas macan. Walanda ngan amrok kalangkangna.
Ngadadak Omo mampu demit, ngaleungit siga ka langit,
nyamuni nataku buni. Musuh béak karep, teu mampu nandasa nu inceren.

Angin gunung motah, langit semu areng saksi nu pasti:

raga waja nu perkosa. “ieu déwék bibit geuneuk. Hamo
cicing ngatahun peuting, seja narajang bebegig nista
nu ganggu lemahcai.”

Méga papayung alam wet jadi cakueum.
Kecap Walanda montél nalar koja; sékésélér
sakampung baris ditumpes tumpur lamun Omo si Mata Heulang
serah bongkokan; sora budak nu ngocéak, terbelakang cing gorowok,
suhada teu mangga pulia, kajeun diri jadi kurban mana
rayat dikakaya
“Yeuh angkara murka, awak satangtung ladang tarung,
kajeun dikurung asal napsu kabendung !”

Omo Si Weduk ditalikung ranté, didorodod bedil soldadu.
Tapi awakna angger beleger. Pélor nu datang dipapag
ku jiwa punggawa. Dadana lir beusi karérab,
balas dicehcer pélor panas.

Walanda leungiteun logika. Omo manusa waja pinuh kasaktén.
Panonpoé lumengis basa waruga Omo nu gagah diruang kérépés
Daun ngaléhléh ngamalirkeun cimata. Taun 1946 : hiji
prajurit perlaya di Cisarua.

 Kenging: Juniarso Ridwan
Dicutat tina: Sajak Sunda Indonesia Emas
CV. Geger Sunten Bandung 17 Agustus 1995