close

Sajak Sunda Pangalengan






Di Pangalengankeur: Kalis

Tiis cuek hawa
Mawa seger kana pucuk – pucuk entéh
Di leundeuh ngemploh kebon kumeli
Leubeut ku beuti

Sapi jarongjon nyatu di kandangJuuh cisusu
Teu nolih ka méga – méga
Nu kumalayang

Upluk-aplak babulak
Di liung gunung
Ngendat jalan satapak
Liliwatan nu naranggang

Sareupna mulang ka Bandung
Dipirig suling kacapi
Sugan téh haté deuk lipur
Bet anggur tambah karisi 
Kenging: Yus Rusyana

Poe Minggu di Pakarangankeur: Galih & Kalih

Henteu jauh – jauh liburan
Ngadon ulin di buruan
Lulumpatan tingkilitik
Dina ngémplohna jujukutan

Daun camara téh leuweung ganggong
Pameutingan galudra téa, manuk piit
Tuh aya londok keur ngadangdong
Rek ngaroris

Euleuh itu anu ngarunggunuk
pangulinan manuk
Katusba hibar beureum
Reuteum kukupu nu ngadon eureun

Mayak dihandap kembang samboja
Urut dipupu ku widadari
Busik kembang segi balong
Urut dipetik tina katumbiri

Buruan urang téh upluk-aplak
Lain ukur nu katingker nu kuta tangkal baluntas
Kapan awang – awang nu mangkak ku kembang kapas
Eta ogé pangulinan ujang mun ngaprak

Manahoréng buruan nu gumblung-gamblang
Sapétakan tina buruan kalbu ujang
Nya éta sabaaneun jaga
Mun ujang eunggeus sawawa
Kenging: Yur Rusyana

Margahayu

Perkampungan di peluk pemikiran sungai
sunyi, jauh dari suasana ramai

Rumput kering tengah pangkalan
jagung dan padi di pesawahan

Citarum, bahtera pasir
anak kecil bersemburan air

Oh, Margahayu, Margahayu
di bumimu aku dibesarkan
di Bumimu aku menerima potensi
Kenging: Rokhayati

  Sajak Sunda Lembur Kuring