close

Sajak Sunda Nyawang Layung Di Cisurupan Garut

Sajak Sunda Nyawang Layung Di Cisurupan Garut  Sajak Sunda  Nyawang Layung Di Cisurupan Garut

Nyawang Layung Di Cisurupan

Cisurupan dina mangsa burit 
layung beulah kulon
mega beureum mindingan srangenge
angin leutik tiis ngahiliwir
ngusap pucuk eurih
di tutugan gunung

Kuring nyawang gumebyarna langit
nyacapkeun kasono
neuteup layung nu jadi totonden
beurang anu anggeus tereh pamit
baganti jeung peuting
disapih ku waktu

Sora manuk rarecet rek ngampih
ka dahan ngaroyom
sanggeus beurang cape udar-ider
neang milik keur tatali hurip
piwelas ti Gusti
ka sakabeh mahluk

Rarasaan bet kaseuit-seuit
sabot kuring nenjo
mubus tilemna cahya srangenge
nu satia ngahibaran bumi.
jeung mahluk kumelip,
damelan Yang Agung 


Tina  Piwulang basa 1992 – ku : Agung Pangestu

  Sajak Sunda Sawah