close

Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur


Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Sajak Gunung Guntur Amit Mundur
Ngitung waktu taun-taun
eksklusif ti pabinihan, ditebarkeun ku kersa-Na.
ayeuna mangsana babut, hayang dirintahkeun
dina kotakan nu leuwih lega

Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola
kelas hiji, kelas dua, kelas tilu;
ti kelas tilu naék ka kelas opat, kelas lima,
ti kelas lima naék ka kelas genep, cacap paneja

Nuju balitungan dinten ieu abdi sadaya
sareng taun-taun nu kalangkung
sareng taun-taun nu bade dongkap

Wangunan sakola nembongan ngajajar
ras waktos abdi diajar
Ibu Guru Bapa Guru nareuteup abdi,
bet ras waktos diwulang kamari
Seueur titinggalan, seueur raraosan.

Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Kinanti
genep taun nungtut élmu
semoga boga pangarti,
mimiti diajar maca
ngitung hiji sareng hiji
ayeuna geus taram-taram,
Alhamdulillah ya Rabbi.

Ibu miwah bapa guru,
teu kendat ngawulang ngatik,
sanaos tangtos kaluman.

Ibu miwah Bapa Guru,
teu kendat ngawulang ngatik,
sanaos tangtos kaluman,
seueur kaunaa diri
namun aranjeunna tabah
éstuning guru pinuji.

Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Sajak
Kitu deui adi-adi
nu rék ditinggalkeun
bangkit nu keur mileuleuyankeun.
Urang meunang ngarasa waas jeung kelar,
namun teu kaci nalangsa.
Satemenna nalangsamatak cikeri
cikeri matak leutik ati.
Gedékeun haté marengan sarangéngé
nu rék nyaangan poé !

Tegerkeun rasa mareangan mangsa
nu rék mukaan panto jaga !

Urang boga rébuan sarangéngé
boga rébuan isukan.
Teu kudu salempang
kitu adi-adi, mangka jelas.

Kitu misilna abdi sadaya lebet ka ieu sakola Sajak Sunda Gunung Guntur Amit Mundur

Sinom
Sinom sekar tumalatan,
pikeun kabéh adi-adi,
kelas lima, kelas opat,
kelas tilu, dua, hiji,
harepan taya deui, dialajar masing junun,
sangkan bisa kaala
hasilna bukti pangarti,
poma pisan hidep ulah lalawora

Urut urang babarengan
hirup sakulah-sakolih,
ayeuna kudu paturay,
keun baé tong jadi pikir,
sugan ngahiji deui,
di sakola leuwih luhur
SMP jeung Tsanawiyah,
atawa henteu tidak mungkin
bareng gawé di lingkungan masarakat
Dicutat tina: Panggelar Basa 6. Buku Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid Sakola Dasar Kelas 6