close

Sajak Sunda Baheula Lalaki Di Tegal Pati



Latar dan Karya Sayudi :


Sayudi lahir di Bandung tahun 1932 dan meninggal di Bandung tahun 2000 (Rosidi ed, 2000: 582). Ia lulusan Konservatori Karawitan, Jurusan Sunda. Namun, meskipun berrijazah guru karawitan, dia tidak menjadi guru. Ia melakukan pekerjaan di Kantor Pos Besar Bandung hingga pensiun.

Seperti banyak pengarang Sunda yang lain, pada mulanya Sayudi menulis sajak dan cerpen dalam bahasa Indonesia. Karya-karyanya dipublikasikan di majalah Kisah, Indonesia, dan Puspa Wanita. Tetapi, dalam bahasa Indonesia kesannya ia cuma menulis postingan, cerita anak, dan naskah oratorium. Adapun sajak ditulis dalam bahasa Sunda.


Selain menulis, Sayudi aktif di BPB (Beungkeutan Pangulik Budaya ‘Ikatan Peneliti Budaya’) Kiwari dan Yayasan Kebudayaan Indonesia di Bandung. Pernah menolong Proyek Penelitian Pantun & Folklor Sunda yang dipimpin Ajip Rosidi, yaitu dalam mentranskripsi kisah pantun Sunda.


Karya Sayudi yang telah diterbitkan dalam bentuk buku di antaranya Lalaki di Tegal Pati (1963), Kisah Situ Bagendit (1976), Madraji: Carita Pantun Modérn (1983), Lutung Kasarung (1983), dan Oratorium Bandung Lautan Api (1985).

Sebenarnya Sayudi dibesarkan dalam lingkungan tulis-menulis. Kakaknya yang berjulukan Sahuri yakni penulis buku kumpulan kisah pendek berbahasa Sunda, Jakarta Kuring ‘Jakartaku’ dan kakaknya yang lain, Sanaya, yaitu penulis esai yang cukup berhasil. 

Menurut berita dari Abdullah Mustappa, Sayudi telah membaca buku Madilog karya Tan Malaka pada waktu duduk di dingklik Sekolah Menengah Pertama (Muhtadin, ed, 2000). Hal ini, berdasarkan Abdullah Mustappa menimbulkan analisis dalam esai-esai Sayudi perihal dilema sosial cukup tajam.

Atas jasa-jasanya untuk sastra Sunda, Sayudi kesannya menerima hadiah sastra Rancagé untuk bidang jasa pada tahun 1994 … Najmul Muhtadin

Lalaki di Tegal Pati … Kenging Suyudi

Tjitraresmi sari busuk
si lenjang bulan ngalangkang
sampulur miindung layung
Rampayak mirupa merak
sampayan kembang kamelang
kembang dada Sri Baduga
nu ngageugeuh taneuh pageuh
di buana warna-warna.

Geulis kaasih pohaci
kacapangan para raja
di bumi terusing langit
bumi ancikan lalaki
langit ancikan birahi.

Diugung ugung ku degung
ditimang-timang ku gondang
atina dina kacapi
rasana diri manusa.

Raratan ka tatar wetan
ngalengkah-lengkah ka Bubat
cundukna lain rek taluk
datang lain rek sumerah
seja nyungsi komitmen diri
seja nguji ku pangaji.

Lampah diala ku Raja
nu ngawasa tatar wetan
sejana didama-dama
diugung papayung agung
tanjakan angkat ka Bubat
mun cunduk nunggu saisuk
baris dipapag jampana
baris diarak ku pesta.

Cag :
teundeun ingkeun urang ceungceum
tunda satengahing dada
rabut ka puhu papay ka akar
geus dibeuweung caritakeun
urang buru bukur galur
urang papay pileumpangna
bisi kalangkungan saur
bisi kacampelak kecap.

Sapat lampahna ku niat
dijajap para pahlawan
samakta pakarang perang
bisina aya dodoja
bisina aya cocoba
banteng nyeta gajah meta.

Kolebat tegalan Bubat
pasangrahan supa mayak
umbul-umbul hulu maung
rurumbe temeng ranggeteng

Nya gehger ricuh ku iber
gelap ninggang pabeubeurang
beja pabentar ti sangka.

Ratu tipu ! Raja nista !
subaya dipulang cidra
nu Geulis dipulang keris.

Renjag para sinatria
sareundeuk ngabeubeut seuneu
sarindat singa bayangan
hurung tihul na jajantung.

Saur manuk rampak sumpah
pendekar mo incah sembah
bongan lampah dicacampah.

“Clik getih clak bengkak
mo inggis ku congo keris
hamo gedag dibibira
buyut nya biluk ka lawan
satia ka Pajajaran”

Sakolepat pindah cupat
reueuk deuleu ku kaceuceub
langit dihuru ku napsu
tegal diampar amarah.

Sawidak minggu tatandang
pasir kalindih ku getih
nya tegal kawasan ngajagal.

Eundeur bengeut-beungeut dayeuh
kasurak ku balarea
Raja Pajajaran tandang.

Iblis-iblis ting puringis
setan-setan ting puringkak
ngabedega Sri Baduga
jirim sajungkiring pasir
tangtung saluhur Galunggung
sapuringkak bulu landak
urat-urat Sangkuriang
diaping para tentara
dijaga para pahlawan.

Nenjrag bumi tilu kali
oyag lemah sajajagat
tingkoceak urang Bubat.

Gaur saur putu Galuh
mapat aji-aji diri
nya saur guludug urug
ngareuhak paralak ruhak.

“Lalaki aing lalaki
tukang nguyup getih jurit
tukang ngakan bayah perang
geura datang Raja cidra
geura datang sato jalma
papagkeun aing ku tumbak
jajapkeun ku tungtung duhung
nya hulu aing Citanduy
hate aing Cisadane
nunjang ngulon Ujungkulon”

“mun saat tara paragat”

Tungkeb balad sajajagat
ngala nyawa Maha Raja
ngagilir Kujang anggoan
sihungna Guriang Tujuh
sipuhan Jaksa salapan
diringkukan Raja Teluh
dinantikan maung sapuluh
cipangasah peurah naga
panigas dua harerang
seuseukeut dua paneuteup
nu hiji ngancik na ati
kadua napak di dunya.

Humandeuar Raja cidra
nyawa diancam cangcaya
umur katungkul ku kubur
jajaten kapeped manten.

Metu tipu rikip licik
ngutus pandung gudang burang
nu weduk ukur di lembur
anu bedang bayah belang
Papatih ati jejerih.

Entrang-entrang tengah beurang
panonpoe bahe ngaler
samagaha ninggang uga
kila-kila aya baya.

Mangsa layung ngembang gunung
jurit kasapih ku burit
tangara ngahalang perang
Sri Baduga mulang nukang

Kujangna merod ngacacang
bawana teu daek mulang
ciri aya nu nyamuni
paler soteh ku pamepes.

Sajorelat pedang mesat
nigas jangga Sri Baduga
dihanca sawelas hanca
ditindak sawidak nindak
kahiji teu busik-busik
kadua teu ceda-ceda
katilu teu metu urut
kaopat taya tapakna
ukur malipis palipis
ukur ngangkang luhur tarang
liat kulit batan keris
teuas tulang batang pedang
panigas kalahka peunggas.

Maha Raja maseuk taneuh
tohaga kuda-kudana
nyawedel adeg-adegna
hanteu kaunggutan gugup
hanteu gigis bulu bitis
malik gigir lawan ngejat
ngusap birit Patih indit.

“Pangira lalanang perang
rupa gajah atah warah
nya hate gede tampele
ti hareup teu wasa neuteup
ti tukang daek ngawengkang”

Ki Patih malipir hinis
seber wawanen ngaladen
dilieuk ngabeungeut bueuk
undur laris ka jauhna
nunggu-nunggu waktu mulus.

Kebat lampah Sri Baduga
sajuringkang lengkah dangah
mipir mayit nyukang bugang
nya mapay-mapay babatang.

Katurih-turih ku pikir
kasuat-suat ku rasa
galindeng nu impleng-impleng.

“Rumasa aing nandasa
sajalma nu boga cidra
tan kawilang nu harilang
lalaki aing samisti
asih ka pangaji diri
taroh umur bela lembur
sasaji bali ngajadi”

Srangenge tomper ka kaler
harieumbeungeutna reueuk
tiis jahe hangru bangke
pasangrahan pada lungse.

Cihcir ngurilingan peuting
majuna ka tengah dalu
bulan ditaleukeum ceudeum
hiur angin ngayuh tunduh
mirig peuting sungkan nyaring
heboh balad Pajajaran.

Tengah dalu nunggu isuk
nya nyukang carangcang tihang
gugah Maha Raja gugah
cucul-cucul duhung tarung
dilaan Kujang anggoan
rep sidakep mapat rajah
ngujur ngidul ngayuh kidung
menekung ka Sang Rumuhun
neneda ka Nu Ngayuga.

Sang Rumuhun dina kurung
nu Ngayuga dina rasa
ngahiji dina dirina
nguculkeun sagala napsu
ngicalkeun rupa kahayang
mepes sagala jajaten
neang manusa nu dakwa
neang lalaki nu bakti.

Kojengkang papatih curang
nya nyamuni di nu suni
anu nyumput di nu singkur
anu nganti ti tatadi
ngadu tarang teu kasawang
ti tukang sok susuganan.

Nu menekung junun tangtung
nu curang sawenang-wenang
milih kulit anu ipis
bisi meulit kana bitis
bisina malindes tenggek.

Suruduk duhungna mangprung
newekna sataker kebek
sakali keris ngagaris
nu kadua nyasar dada
katilu cunduk ka wuku.

Geleger lemah ngageder
gunung-gunung mungguh urug
angkub satungkebing peuting
gelap ngampar ngadak-ngadak
pada muni
pada nyaksi.

Buriak pengeusi Bubat
koceak nyambat karamat
pangira dunya pralaya.

Ki Patih kapicis miris
kasima dangiang Raja
melesat sang Kujang luncat
bebela ka Sri Baduga
sajorelat Patih ngejat
diobrot ka mana anjog
satungtung laris titipu.

Ngarumpuyuk Ratu Agung
titis-tulis nitih wanci
ngahanju dibarung ngidung
sasajina geus katampi
pupus puguh keur menekung
hilang pedah keur ngarajah.

Genjlong nonggong turun laun
jajap napas Maha Raja
ngembat-ngembat bulan mayit
mapag nyawa Sri Baduga.

Sakereles ricuh ngiles
sabaranyay bulan ngempray
moncorong nyorot ka layon
dipirig ku wawangian
disambat ku kekembangan.

Beuki leutik bulan indit
beuki seungit layon demit
beurang ngangkang layon ilang
nu tinggal raratanana
anu kari lalakina
tilem jero angen-angen
ngahiji jeung katumbiri
nutug leuwi-leuwi diri
ngahiang di para bujang
nu malire Cisadane
nu mampu ngabendung Bandung.

Cag :
teundeun eunteungeun
tunda ayakeun
cangcang dina tulang-tulang
geus dibeuweung dipakukeun
dina cupu hulu laris
dina padaringan ati
urang teang balukarna.

Kawarti ka Tjitraresmi
Ratu Punjul puput umur
pada tihang Pajajaran
nu Geulis katurih eurih
nu Geulis medal citangis
nyamiripis hujan ipis
lieuk paneukteukkan beuheung
sareret bangke ngaberes
para pahlawan geus sirna.

Para istri geus lastari
ngamukna ajur-ajuran
ngalabrak anggeus-anggeusan
ngiring sasaji ka Gusti
milu tuturut ka Ratu.

Alumna kuwung-kuwungan
sedihna jeg kingkilaban
galindeng terusing ati
kari milih-milih wanci
nya tinggal nataan mangsa.

“Batan taluk kajeun undur
batan pasrah kajeun hilang
cadu kasiku ku musuh
pantrang karagap ku lawan
jeung pasrah ka Raja cidra
mending rarabi ka pati”

Sagerentes angen tetes
disaksi para pohaci
rep sidakep mapat rajah
nya rajah-rajah pamunah
pamunah sagala rasa
anu ngacacang di dunya
museurkeun sagala pikir
nu ngancik di bumi lahir
ngageuing mulih ka jati
sangkan naratas jalanna.

Dilagar wangkinganana
dibebener kana angen
dilelebah kana manah
rep sarerep sirep
wangkingan malang na raga
Tjitraresmi labuh pati.

Hiuk angin wawangian
mirig Putri nu lastari
dipapag ku katumbiri
nu tinggal raksukanana
anu kari lalakina
nya sampeureun para istri.

Cag :
Tutug laris
pungkas kecap
teundeun paseukeun
tanda pelakeun
susun na tangtung
entep na hate
kari neuteupkeun ka hareup
tinggal nyawang ka nu anggang
mangka ludeung ku katineung
waspada ku pangaboga.

Urang tutup galur catur
padakeun tepi dinya

Bral !
Tina Lalaki di Tegal Pati …”