close

Mantri Jero Raden Yogaswara Rek Ngalalana

Tina : Mantri Jero
Kenging : R. Memed Sastra Hadiprawira

Kinanti
Gunung – gunung semu ngunngun,
pasir siga nu prihatin,
alum sugri nu marilu murung,
mangnineungkeun ka Ajengan,
rék ditilar ku kakasih.


Biheung bulan biheung taun,
iasa patepang deui,
jeung nu rék ngalalana,
indit sepi nu disungsi,
angkat samar nu ditéang,
sumangsang ka kersa Gusti.

Wantu lantung tambuh laris,
ngilik-ngilik geusan ngancik,,
lunta rék neangan beja,
sugan ka tarik ku milik,
dikadarkeun jadi ménak,
laksana ciptaring galih.

Dug nyuuuh ka pangkon ibu,
Yogaswara bari amit,
ka rama munjung ka sembah,
neda berkah lahir batin,
ku ramana diusapan,
alon Ajengan ngalahir.

“Mugi Gusti maha Agung”,
anu sipat rohman rohim,
kersa ngaping nangtayungan,
ngajaring tina balai,
ka pun anak nu rék nyaba,
maksadna pinanggih,
maksadna pinanggih hasil”

Den Yogaswara nyut lungsur,
Sampoyong bijil ti bumi,
manah melang sumoréang,
pasemon ngunngun prihatin,
patilar jeung ibu rama,
tur taya rencang nu ngiring.

Pasemon nu alum asusila,
ngajadi panghudang sari,
matak tambah kapantesan,
témbong légégna bangsawan,
waktu ménak tuturunan,
jajaka terah bupati.

Asmarandana

Lain ginding aling-aling,
gandang panghalang kakurang,
radén turunan gegedén,
pahlawan ménak utama,
eukeur maha aya wanda,
kasipuh ku alus rengkuh,
hadé tata akal basa.

Radén diraksukan senting,
di pungkur malang nyulagrang,
raden turunan gegedén,
pendekar ménak utama,
eukeur mah aya wanda,
kasipuh ku alus rengkuh,
hadé tata kebijaksanaan basa.

Yogaswara rét ningali,
ka tukang geus lapat-lapat,
lembur téh ukur katembong,
lebahna jeung renggenekna,
Radén ka gagas manah,
angkatna teu kaur laju,
balas ngarandeg di jalan.

Nyukang lebak mipir pasir,
geus sumping kana tanjakan,
ngeblak bubulak sampalan,
rendang keur nyaratuan
munding nu keur dialabur
reureuh tina pagawéan.

  √ Kumpulan 25 Pepeling Sunda keur Kahirupan dari Peribahasa