close

Kumpulan Sisindiran





Kumpulan Sisindiran Sunda

Hayang teuing nyaba ka bandung

Sok hayang apal nanjakna
Hayang teuing nanya nu pundung
Sok hayang apal nyentakna.

Kemis pahing keliwon wage
nu geulis ngising di kebon cabe.

Ngabalangkeun ti pancuran
Ngadon nyangsang kana galeng
Ngabangbrangkeun pipikiran,
Hate angger tetep manteng.

Kembang cula kembang tanjung

kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan.

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang.

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol.

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun.

Ti tarikolot ka cimanggu
Ti leuwiliang ka cibubur
Ari geus kolot tong loba lagu
Cing inget ka liang kubur.

Moe pare dina hateup

Anu garing rek dikarungan
Hese sare teubisa reup
Gulang guling ngan sorangan.


kamuning murag kalebak
kalebak kana terusan
hayang teuing murak martabak
martabak nu disu’ukan.


Salawe dua lima
Saleting rok ti malangbong
Awewe jaman ayeuna
Pingping borok ge ditembong-tembong.

Ari lilin lilin bandung
geus hurung sok poek deui
ari ulin ulin bandung
geus embung sok hayang deui.

Hayang iuh make payung
kumaha mukakeun nana
hayang wawuh jeung nu pundung
kumaha nyukakeun nana.

  Sariak Layung - Mang Koko