close

Kesenian Longser Di Bandung Jaman Baheula

kesenian longser di bandung jaman baheula Kesenian Longser di Bandung Jaman Baheula

Kahirupan Longsér

Geus baku ari balik sakola téh sok jalan ka kebon Karet atawa ka hareupeun Orange Park. Kajeun rada jauh saeutik dapon mampu ngumbar karesep. Teu pira karesep téh ngan saukur ngadon lalajo Longsér. Baheula mah tempat-tempat kasebut téh sok maneuh dipaké pakalangan Rombongan Longsér.
Saban poé rombonganana téh sok gunta-ganti. Puguh Bandung harita mah keur meujeuhna cenah ku kasenian Longsér. Geura anu apal kénéh téh rombongan béh dituna dimimitian ku Bang Timbel, Bang Jambal terus Bang Pendul néma ka Bang Céngék, Bang Tilil, Bang Betok, Bang Badog jeung Otoy. Duka teuing saha ngaran anu sabenerna mah, tetapi da geus kitu nelahna ti luhur.

Bakating ku mindeng mah teu wudu ari balik ti panglalajoan téh sok rada malaweung maké boga rasa sir bogoh ka Ronggéng Longsér. Pangpangna mah ka nu jadi béntangna atawa primadona-na. nyaéta anu ilahar sok ngarangkep jadi pingpinan para Ronggéng téh lazimdisebut “anak wayang”.

Kumaha rék teu kitu atuda ari lalajo téh sok panghareupna. Atuh satincak paripolahna para pamaén téh méh kaapalkeun ku tatalu dina lagu Kebojiro tepi ka lekasan dipungkas ku lagu anu sarua. sakapeung tara luna téh sok dibarengan ku tabeuh bedug. Kaharti ku kitu téana mah, pikeun ngumpulkeun anu lalajo. Ngarah kadéngé ka jauhna.

Tutas Kebojiro, breng para Longser ngaribing dipirig ku gamelan Senggani, nyaéta anu bubuatanana tina beusi. Ibingan éta téh lamun ayeuna mah meureun nelahna éh ibing Rampak téa. Selang-selang tina ngibing maraneéhna sok ngarawih pili genti. Ari lagun-laguna sarupaning lalaguan Ketuk Tilu saperti Sréndét, Polos, Géboy, Rancag jeung sabangsana.

Kostimna anu ilahar dipaké pikeun Ronggéng téa kawas pakéan Kotoprak. Kabéh maraké calana sontog tina susutraan dibeulit ku samping batik.

  Cara Berbusana Para Menak Sunda Jaman Dahulu

Kawantu lalajo panghareupna jeung méméh prung sok geus cindekul, atuh ti mimiti maranéhna dihiasna ogé a tra kasaksian. Éstu dadakan pisan dihiasna téh tukangeun ancak goong dibaturan ku eunteung sabeulah.

Anu diutamakeun dina ibingan-ibingan Longsér lain ukal-ukelna anu saluyu jeung réngkakna, tetapi gitekna “pongpok dapur” jeung oyagna “buah koldi” nu matak pikauruyeun téa. Tada teuing. Komo éta mah ronggéng Nyi Oplet jeung Nyi Kuntring, matak gantung deuleu téh lain bobohongan.

Di Ulekan mah mun pareng sok diayakeun Lontang. Ari wangunanana sarua jeung Longsér. Ngan bédana ieu mah sok ngalalakon. Sarupaning Sandiwara anu digarap dina pakalangan boléglag (terbuka). Carita-carita anu dipidangkeun nyaéta carita-carita Rahayat, ngeunaan-ngeunaan jago-ahli jeung sabangsa carita Nyi Dasimah. Tara ieun makélayar atawa dékorasi jeung tanpa paparabotan séjénna. Maraénna téh narangtung atawa dariuk dina taneuh. Sakalieun butuh ku adegan anu maké korsi ogé cukup ku kendang kulanter baé dijieun korsi.

Aya deui sabangsa Lontang téh nyaéta Banjet. Wangunan ieu mah bédana téh ngan dina basana. ku sabab bbanjet mah wedaan ti basisir Kalvr. Atuh basana anu digunakeunna ogé boh dina Kawih atawa carita jeung panyelang séjénna maké logat Karéran. lumrahna dina Banjet enggoning Ronggeng téh sungutna sok dipindingan ku saputangan.

Ari anu laljo boh rombongan Longsér, Lontang atawa banjet ilaharna ngalingkung mangrupa bunderan. Ditengah-tengahna diteunfeunan Oncor minyak tanah. Jadi anu maraén téh ngurilingan oncor téa.

Dina Longsér mah selang-selang tina ngaribing téh sok diayakeun pidangan penca. Anu ngarigelna para Ronggéng kénéh. Palebah panca tunggal mah digarapna téh ku anu jadi Béntangna téa. Tepakna tepak Dua diteruskeun kana tepak Tilu. Piriganana mah kapaksa ku parabot gamelan. Tampolana mah kendangna téh ngan hiji kadua kulantér, jadi tabeuhna diborong. Kitu deui lalaguanana dipasieup dina Rebab. Samalah dikawihan sagala.

  Naik Kereta Api Jurusan Jakarta Bandung Tempo Dulu

Ari dina pidangan penca mah, pangpangna Penca Tunggal, béda deui réngkakna téh. Palebah dieu ma éstuning pinuh ka sumangetan, gerakan-gerakanana kacida tapisna niron-niron gerak lalaki. Sabab palebah dieu pisan bisa ngumpulkeunana duit tina “pagalungan.”

Dina pidangan séjéna ogé sok loba anu ngalungan, boh dilagar atawa ditungkus kucarécét. biasana carécétna téh sok terus dikongkoyangkeun ku Ronggéng, dimana geus réngsé pidanganana kakara dipulangkeun ka anu ngalunganana.

Henteu kitu anu lalajo téh sok makékeun pakéanana, boh topi atawa sarng ka Ronggéng anu dipikameumeutna. Ieu mah dina mulangkeunana téh ditebus ku duit. ku jalan kieu rombongan Longsér geus hasil nyiptakeun hiji suasana anu raket beungkeutanana antara anu lalajo jeung para pamaén.

Pangasilan séjénna salian ti nu ngalungan nyaéta tina beubeunangan nyarayuda saban-sabanpungkas babak. Saperti anu geus kanyahoan méh kabéh rombongan Longsér diwangun ku para pamaén bayaran (Profesional). nyaéta anu ngagantungkeun kahirupanana  tina beubeunangan ngamén.

Lamun urang ngabandingkeun jeung rombongan Ketuk Tilu mah anu mindeng makalangan, biasana diayakeunana téhdi pakalangan pésta taun gres Imlék di Kelenténg  atwa cenah baheula mah di Orion. Pidangan Longsér mah henteu bébas diigelan cara dina Ketuk Tilu.

Atraksi  anu pangdipikaresepna ku kuring harita, nyaéta palebah Bobodoranana. biasanaa téh diayakeunana téh ditengah-tengah pidangan. Saban-saban bodor boga cara séwang-séwangan enggoning midangkeunana téh. Aya nu duaan jeung Ronggéng atawa katilu pngpinan rombongan. Kitu deui anu jadi téman rupa-rupa. Aya anjang-anjangan, aya lalamaran atawa néangan dulur jsb. Masing-masing boga kostimna nu mampu berdiri diatas kaki sendiri. Samalah kecapan bodor Longsér sok nerekab jadi kacapangan barudak harita. Sabangsa: Ngeunag  éhé, teu nguenah éon, tina réog éon. ngan ieu mah lain tina wangunan paribasa,tapi saukur kekecapan heureuy atawa samasakali teu boga harti samasakali teu boga harti nanaon.

  Gamelan Kuno Peninggalan Leluhur Di Banjaran Kab. Bandung

Selang-selang ti dinya Bodor Longsér téh sok ngigel heureuy. Tapi aya ibingan anu matuh turun-tumurun. Sainget kuring mah ti jaman Bang Timbel kvnéh, nyaéta ibingan dina wangunan Ketuk Tilu. Saperti: Cikeruhan, Langlayangan jeung Domino. Taun-taun katukang mah ieu ibingan téh kungsi dirautan deui nepi ka bisa disuguhkeun ka tamu-tamu nagara di Luar Nagri.Béh dieu béh dieu, beunang disebut pang-ahirna, lalajo Longsér téh dihareupeun Stasion Karéta. Di dinya mah lalajo téh hentu cingogo panghareupna cara baheula, tapi rada nyumput barijeung nyangigiran sagelas cikopi. Lalajo béh tukang ti kaanggangan. Bisi papanggih jeung nu wawuh heug baé katotol.

Ku kamekaranana ayeuna mah téténjoan téh geus béda. Ibingan-ibingannana téh maké dibarung ku Joged sagala. Tapi aya hal anu narik kana haté nu matak pikatajieun, nyaéta palebah piriganana. Pirigan éta dibarengan ku Tarompét Kendang Penca. ku taksiran mah éta tarompét téh mimitina keur miara kaaslian dina waktu pidangan Penca. Tapi lila-lila mah masieup pirigan gamelan. Saenyana kajadia anu teu dihaja éta téh geus nimbulkeun hiji bibit anu hadé pikeun kamekaran Karawitan Sunda tepi ka kiwari masi konvensionil, nyaéta lalaguan téh dipasieupna dina Rebab wungkul selang-selang ku gambang. Mudah-mudahan ka hareup mah Tarompét téh mampu ngeuyeub-ngeuyeub wangunan gendingan Karawitan Sunda sing matuh cara Longsér.

Tapi kiwari mah katilu wangunan anu disebut diluhur téh geus taya dikieuna. Atuh ku kituna Kasenian Sunda téh jumlahna geus ngurangan. Cag. Kénging: Sujudi. Dicutat tina majalah Sunda Manglé. Juni taun 1971.No. 271.