close

Cerita Sunda Oray Sanca Jeung Gagak


Dongeng Sunda Oray Sanca jeung Gagak.
Jaman baheula pisan aya oray sanca keur alagag-euleugeug bae dina dahan kai. Tayohna keur neangan hakaneun. Luhureun manehna aya gagak ngaranggeum anak hayam.

Barang rek dihakan oray sanca teh ngomong  “Cing Sakadang Gagak sing karunya, keur uing bae eta pitik teh. Andika mah babari neangan gantina.

“Kop bae hayang mah,” jawab gagak. ” Tapi kumaha? Rek diragragkeun , bisi murag ka walungan. Rek dibawa ku sorangan ka dinya sieun dipacok, mangkaning dipacok ku andika mah matih pisan. Apan batur kuring ge bareto dipacok ku andika nepi ka henteuna. Ayeuna ge, lamun kuring nyampeurkeun, tangtu jadi mangsa deui bae. Nya pitikna nya kuring sorangan jadi eusi peujit andika.”
“Piraku,” ceuk oray. “Piraku uing rek jahat ka nu nulungan mah.”

“Kieu bae atuh.” ceuk gagak, “Peurah andika kaluarkeun heula, kemasan tah ku daun pulus ! Engke kuring ka dinya mikeun ieu anak hayam.”
“Heg,” ceuk oray.

Sanggeus peurahna diutahkeun sarta dikemas ku daun pulus, gagak nyampeurkeun ka oray sanca. Sok anak hayam teh dibikeun, tapi gancang daun pulus teh diranggeum, tuluy dibawa hiber.

Oray sanca ambekeun pisan, sabab lamun peurahna terus dibawa kabur, tangtu manehna bakal moal matih deui. Tuluy ngaleor nuturkeun hiberna gagak. Lamun gagak eunteup dina luhur tangkal kai, oray sanca teh ngaleor  naek nyampeurkeun gagak. Tapi gagakna ber hiber.

Kitu bae unggal poe, gagak diudag-udag ku musuhna.
Ari peuting gagak teh teu mampu tibra heesna, sieun didodoho ku musuhna. Komo ti peuting mah moal katenjo ngaleorna.
Katambah-tambah gagak mah di nu poek oge tangtu mudah katangen,  sabab buluna bodas.
“Bodas,mana/ ceuk Nani. “Apan gagak mah hideung.”
“ke, dengekeun bae heula,” saur mamana.

Dina hiji poe gagak hiber deui kakalanyangan. Katenjoeun dihandap oray sanca musuhna tea, keur tatanggahan nuturkeun.

Gagak mikir neangan nalar. Kalayang hiber ngajugjug ka lembur nu rada jauh ti dinya. Di eta lembur loba tukang celep.
Kabeneran harita keur digarawe sakumaha biasa. Buru-buru gagak teh hiber nyampeurkeun pijanaan nu pinuh ku nila. lep teuleum, tuluy hiber deui ka leuweung. Teu lila teup eunteupdina dahan kiara. Katenjoeun ti kajauhan oray sanca keur ngaleor bari tatanggahan neangan musuhna nu mawa kabur peurahna tea. Disampeurkeun ku gagak sarta terus ditanya : “Keur naon sakadang oray, tatanggahan bae?”

Gagak pohara atoheunana sarta ngomong dina jero hatena : “Hasil akal aing teh.”
“Rek naon neangan sakadang gagak?” cek gagak anu buluna ayeuna mah hideng meles.
“Peurah uing dipaok, dibawa kabur. Teu parok jeung rupana.
Mata bureuleuk, sora mencrang, buluna bodas beresih, ari lampah euwah-euwah.”
“Hanjakal kaula mah teu manggihan.”

Tah, ti harita gagak jadi hideung rupana, oray sanca teu bogaeun peurah. Sarta daun pulus jadi merang.

“sakitu oray sanca nya ageung nya panjang.” ceuk Udi. ” Ari ku akal mah, ku gagak nu sakitu alitna ge kawon, nya Mama.”
“Heeh,” saur mamana.” Jig ayeuna mah geura dialajar. Mun dipiwarang ngadongeng ku Ibu Guru, Nani ngadongeng gagak sareng oray tea,nya! Tiasa meureun.”
Dicutat tina : Nani Resep Maca Jilid. 5. CV. Pamugat Bandung. Karya. A. Sanusi. Bukunya dijual disini >> 

  Cerita Sunda Sakadang Munding Jeung Kuda