close

Ki Sunda – Mang Koko

Ki Sunda … Cipt. Mang Koko Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah) nu ngumbara suka betahUrang Sunda (Sawawa)  sing Towéksa (percéka)nyagga darma anu faktual Seuweu Pajajaran muga tong kas’maransing tulatén jeung rumaksamiara pakayamémang sawajibnagetén titén rumawat Tanah Pusaka Titén kana (pakaya), harta banda (pusaka) mo’ kaduhung waktu jagaAnu lian (mo’wasa) moal bisa (rumaksa)ngatur ngolah jeung ngariksa … Read more

Sejarah Lahirna Undak Usuk Basa Sunda

Sajarah lahirna undak – usuk basa Sunda Sajarah lahirna undak-usuk basa Sunda, nurutkeun para mahir mah nya éta karena ayana pangaruh Mataram kana kahirupan jeung budaya Sunda. Waktu Mataram ngéréh sabagian wewengkon Jawa-Barat dina periode ka 17, harita lumangsung kontak budaya anu raket antara Sunda jeung Jawa. Loba kabudayaan Jawa anu témbrés asup kana kabudayaan … Read more

Carpon Sunda Baheula – Kawinan

Kawinan Tina buku : Panglesu Kalbu Karangan : Sumitadikarta Kira wanci asar ahir, meneran hadè sorèna, kuli-kuli ngabrul barudal, marulang ti pagawèan. Dijalan èak-èakan suka seuri jeung baturna, aya ogè nu leumpang bari tungkul teu lèmèk teu nyarèk, ulat asusila ngungun, bangkit aya kajadian nu matak sulit kamèhna. Beuki burit beuki ramè, kaganti ku nu pelesir, … Read more

Pupuh Sunda Gajah Jeung Sireum

Pangkur  1. Ringkes dongéng nu didadar dina leuweung aya sato gedé leuwih awakna téh gedé luhur sihungna dua paranjang nu ayana di sungut kenca katuhu nu ngahapit tulaléna sato-sato pada gimir. 2. Ngaranna Sakadang Gajah geus kawentar bedasna téh tanpa tanding taya nu wani ngaganggu mun napsu leuweung ruksak kakaian moal burung rebah rubuh kacatur sireum tataman jeung … Read more

Wawacan Purnama Alam – Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik

Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik – Kinanti Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku Sang Ajeng Ratna Putri. Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar cahayana, tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra di tengah banjaransari. Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Patih Mandrawati, Bibi … Read more

Sastra Sunda Guguritan

Orang Sunda di Priangan 1911 Wangenan Guguritan asalna kecapna tina gurit. Mun seug dipapay leuwih jauh, kecap gurit téh asalna tina basa Sangsekerta grath, hartina nyusun karangan. Dina basa sunda aya perumpamaan ngagurit atawa ngadangding. Ari hartina mah sarua baé nuduhkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun dangding. Cindekna nu dimaksud guguritan téh nyaéta karangan … Read more

Buku-Buku Sunda Karya Raden Ayu Lasminingrat

Raden Ayu Lasminingrat bersama suami berikut para pembantunya  Kesusastraan Sunda Penulis Sunda dari kaum wanita yang perlu dicatat yakni Raden Ayu Lasminingrat. Ia, selain selaku pendidik beliau juga merupakan penulis wanita (sastrawati) angkataan pertama. Beberapa buah penanya berbentukbuku-buku bahasa Sunda antara lain Warnasari jilid I dan II, dicetak dan diterbitkan oleh Balai Pustaka dan dijadikan … Read more

Wawacan Panji Wulung

Wawacan Panji Wulung Kacaritakeun aya hiji karajaan, katelah ngaranna Nagara Sokadana. Karajaan anu kamashur ma’mur, kawéntar beunghar ka mana-mana, ceuk paribasa mah réa ketan réa keton. Ari rajana ngaran Prabu Déwakeswari. Raja anu adil jeung bijaksana, sarta nyaah ka sakabéh rahayatna. Enggoning ngajalankeun pamaréntahanana, Kangjeng Raja dibantuan ku hiji patih, anu ngaranna Patih Lembu Jayéng … Read more

Carpon Sunda Karangan R A F Bentang Lapang

Béntang Lapang Pangling pisan cenah nénjo Kadir téh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ningglakeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa méméh cilaka. Nyaho éta budak ngaringkuk di rumah sakit ogé cenah ukur ceuk béja baé wungkul. Ari ayeuna. Sataun ti sanggeus kadir maén bal deui kalawan enya-enya … Read more

Tanjungkerta Sajak Sunda Karya Yus Rusyana

Tanjungkerta/Yus Rusyana Mégana, euleuh mégana ku suciputih Turun nyium embun-embun gunung anu ngalamuk Umpalan di sawah paré keur rampak Di kolong, dina balong tinggulusur lauk Kalapa sapaparat tambakan leubeut ku buah Peuteuy, jeruk, kadu, mareuhmeuy ngan kari tanggah Tinggolontor cipancuran, ku linduk di jero tanjug Aya ku tentren, euleuh ku tumaninah Ieu haté ngadadak sadrah … Read more

Hartina Carpon Atawa Carita Pondok

Hartina Carpon atawa Carita Pondok Carita pondok téh aya sasaruanana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada caita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh, tegesna eusi carita téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, kawasan jeung waktu kajadianana, diréka lir anu enya … Read more

Papatah Jang Budak

Anaking jimat Awaking Hidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dédéngeun, Létah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa … Read more

Pupuh Sunda Dangdanggula – Piwulang Sri Rama

Piwulang Sri Rama – Dangdanggula Sang Srirama ngadawuhan deui, Lahirna téh yayi Wibisana, perlu pisan ulah poho, kudu sing mampu ngatur, pilarapeun ponggawa mantri, nu bisa gawé badag, jeung gawé nu lembut, kudu sina macang-macang, papacuan ulah rék sina pahili, kudu ninggang pernahna. Susah pisan lamunna pahili, mun ponggawa bisa gawé bada, lamun ku urang … Read more

Sajak Sunda Titimangsa

TitimangsaPangruat keur Pergiwa Khansa Nirmala Geura brol, anaking memeh rumangsang nyeka cikesangMemeh sadami-dami napas mungkas saniskara randeganLeu ranggah panginap pangyuga, ieu wening asih citangisSalawasna nganti ngoar gubrag kana tresnaning rangkulanTeuing laksa boa sewu ngarurug juru-juru rohangianMarengan sesa jerit nu ngamalinkeun getih jeung kapeurih Geura brol, anaking, memeh udar ranggeuman rema indungMemeh sora panggero beuki les-lesan … Read more