Kisah Sunda Sasakala Watu Gede Tasikmalaya

Bupati Tasikmalaya RAA Wiratanuningrat 
ngabedah Rawa Lakbok jadi pasawahan lega 

Sasakala Batu gede Tasikmalaya 
Ceuk ujaring carita béh ditu pisan, aya hiji karajaan nu ngaheuyeuk dayeuh Sumedang. Harita raja nu nyepeng kalungguhan kaprabonan kagungan putra tilu. Saparantosna Sang Prabu pupus, tahta karajaan digentos ku nu janten putrana nya éta Prabu Adilaya, putra nu pangcikalna.


Dina hiji waktu sang Prabu Adilaya ngadeuheus ka ibuna, maksudna nyuhunkeun widi kanggo milarian élmu, sabab nu dipibanda ku sang Prabu mung sakadar  élmu lahiriah. Ari élmu-élmu kabathinan teu acan kapimilik ku Prabu Adilaya. Tempat nu dituju pikeun nyiar élmu kabathinan nyaéta di wewengkon Mataram, numutkeun wangsit nu katampa ku sang Prabu, anjeunna kedah guguru ka Kyai Jawa Raga, Kyai luhung jaman harita.

Saparontosna diwidian sareng dibekelan naséhat sang Prabu Adilaya teras angkat disarengan ku garwana Bondang Hapa katut pangiringna duaan nya éta Sagolong jeung Saliwati. Sadikantun ku sang Prabu, nu janten raja di Sumedang digentos ku raina nu bungsu anu jenengan Adilaya.

Kacaritakeun geus mang taun-taun Prabu Adilaya ngalap élmu kabathinan nepi ka tamatna. Hiji waktu anjeunna disaur ku kiai Jawa Raga, maksud nerangkeun yéélmu nu dipimilik ku sang Prabu geus cukup pikeun ngurus nagara katut rahayat Sumedang nu geus lawad pisan dikantunkeun.

Ayeuna tinggal prak ngalaksanakeun ana naon anu kungsi diajarkeun di Mataram. Pikeun ka tineung Kiai ka sang Prabu Adilaya nya anjeunna masrahkeun putrana nu katelah Cahya Karémbong keur batur hirup, supaya didamel garwa kadua.


ngabedah Rawa Lakbok jadi pasawahan lega  Dongeng Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya


Sang Prabu ngaraos kacida bungahna, satutasna nganuhunkeun Prabu Adilaya pamitan ka Kyai Jawa Raga. Bral rombongan Prabu anu ayeuna katambahan ku Cahya Karémbong, nu jumlahna lima-an mulang deui ka Sumedang. Dina perjalanan mulang ka lembur nu masih kénéh oleng pangantén sang Prabu teu acan wantun campur sareng istri.

Hal éta nu sabab anjeunna kagungan patékadan yén lamun nu kapimilik can nepi kaluhur-pisan, moal waka campur sareng garwa nu sepuh Bondang Hapa. Mung teu betus lantaran teu terperinci naon margina pangna Prabu Adilaya nepi ka kitu.


Ku ayanan katerangan ti garwana nu anom Cahya Karémbong yén salami papasangan teu acan tiasa kénéh ngahiji campur sapertos biasa nu rumah tangga, Nya timbul dina émutanana, rasa teu sugema dina diri ieu istri nu dua, asa diapilainkeun.
Kualatan kitu istri Prabu Adilaya duanana aya niat pikeun nelasan sang Prabu, sabab sang Prabu téh resepeun ka istri-istrina.

Niat éta téh ahirna dilaksanankeun, waktu sang Prabu nuju kulem tibra teras ditublés ku pusaka Karajaan nu katelahna Dulung. Getih beureum nu ngabayabah tina salira sang Prabu maseuhan éta tempat ngabayabahna getih téh nya disebut Cibeureum.


Sang Prabu Adilaya saparantos ngababatang karena ditelasan ku Cahya Karémbong sareng Bondang Hapa, ngajelepeng kénéh di luhur taneuh henteu terus dikurebkeun, sabab istri-istrina ngarasa resah kudu dimana ngurebkeunana semoga ulah kapanggih ku sasaha.

Walungan Cimanuk Sumedang 


Saterusna eta layon digarotong kana tanggungan mimitina mah dibawa ka beulah kulon, tapi karena kaburu bijil panon poé, niat rék ngubur lebah dinya téh henteu jadi, daerah éta ayeuna katelah Cipajaran. Masih anggger ka belah kulon namun rada méngkol saeutik di hiji kawasan tanggunganana potong terus disambung deui, nya tempat éta pisan nu ayeuna disebut Sambong Hilir.

Kalawan teu ngarasakeun kacapé layon téh terus ditatanggung mus-mus potong deui tuluy disambung deui. Kitu jeung kitu waé saterusna, nepi ka hiji waktu tanggunganana potong deui, ngan ayeuna mah tanggunganana potong téh disambung ku taneuh Wewengkon éta kiwari disebut Mangkubumi.

Kulantaran ngarasa masih kénéh teu aman, layon Prabu Adilaya terus keneh dibawa ka Cibanjaran mapay-mapay segi walungan. Nu ahirna nepi kasisi rawa nu ditengahna aya puloan (nusa). Nya ditempat didieu pisan pangémutna daerah nu pang amanna pikeun ngurebkeun layon carogéna téh. Ayeunna tempat ngurebkeun ieu layon téh katelah Situ Gedé.

Kacaritakeun nu jadi pangiringna. Sagolong jeung Siliwati, manéhna boga sangka yén Prabi Adilaya keur ngalakonan puasa jeung tirakat nepi katingalina lungsé pisan aya dina tanggungan. Tapi ahirna éta pangiring téh nyahoeun yén Prabu Adilaya geus pupus tingggal layon ku lakuna istri nu kadua. Keur nyumputkeun kalakuan goréng biar ulah kanyahoan ku sasaha, harita ogé pangiring satia Prabu Adilaya dipaéhan deui waé. Nya di pulo éta pisan 3 layon. Raja jeung pangiring-pangiringna dikubur di saliangkeun pisan.

Saréngséna ngubur mayit ahya Karembong papisah jeung Bondang Hapa. Masing-masing ngabarogaan tujuan sewang-sewangan. Ari Bondang Hapa nuluykeun ka gunung Goong. Tetep tumetep di éta kawasan nepi ka maotna, Ari Cahya Karembong nuluykeun lalampahanana ka Bantar, ogé bumén-bumén di tempat éta pisan, Déwi Cahya Karembong dimakamkeunana oge di Astana Gedé.


  Kisah Sunda Kawung Ratu Karya
Sumedang baheula 

Kocapkeun di karajaan Sumedang ibuna Prabu Adilaya ngaraos tugenah manah ku kalamian teung nu janten putra ngantunkeun lemah cai ngalap élmu pangaweruh ka Mataram. Kamelang ieu téh dicarioskeun ka putrana nu bungsu supados nyusul Prabu Adilaya parantos mulang ka Sumedang malah bari disarengan ku putrana Déwi Cahya Karémbong nu geus jadi garwa Prabu Adilaya.

Satampina katerangan ti Kyai Jawa Raga, utusan ibuna mulang deui ka Sumedang bari ditékadan baris nyukcruk laku mapay raratan anu jadi raka. Ti sabrangna indit nepi ka wewengkon Cikunir, anjeunna katarik ku saémbara nu diayakeun di éta Nagara, yén sing saha nu bisa néwak singa bakal jadi mantu raja. Ceuk ujaring carita sang putra bungsu ngiring saémbara sarta hasil néwak singa téh, malah singana nepi ka teu mampu walakaya. Nya tiharita éta tempat disebut Singaparna.

Caturkeun deui ibuna nu dikantunkeun ku putra-putrana bari teu aya wartosna, boh nu nyusul boh nu disusul. Nya anjeuna nyalira nepangan ka Kiai Jawa Raga di Mataram. Sarta kénging katerangan yén putrana duanana ogé parantos marulang deui ka Sumedang, sang Kiai ngaraos hawatos ningali ibuna Prabu Adilaya mulih nyalira, nya saterusna kiai ogé ngiring nyarengan milarian nu janten putra.

Tapi hanjakal pisan karék gé tepi ka palebah kampung Dukuh, Kiai Jawa Raga pupus sarta dimakamkeun di Gandoang. Ibuna sang Prabu Adilaya kapaksa angkat nyalira milarian putra-putrana, kabéh sakur nu kasorang ku putra-putrana geus kaliwatan ngan henteu ari ka Singaparna mah. Ahirna anjeuna dugi ka palebah Situ Gedé. Di palebah dinya anjeunna mujasmédi nyuhunkeun pituduh ti Gusti Nu Maha Suci sangkan dipasihan terperinci dimana ayana Prabu Adilaya.


  Dongeng Sunda Sasakala Pamanukan Subang
Pengrajin Jamparing di Sumedang baheula 

Dina sajeroning mujasmédi anjeunna nampi ide yén Prabu Adilaya putrana, parantos perlaya dipergasa ku nu janten istrina nya kitu deui pangiringna, Sagolong jeung Siliwati. Ari ngarérét kasagigireunana nyampak kuburan nu masih kénéh beureum taneuhna. Teg waé sangkaan yééta kuburan téh kuburan Adilaya.

Barang turun ti pulo anjeunna tepang jeung dua jalma nu asalna ti mangkubumi jeung Linggarjaya. Nya ka jalma éta pisan anjeunna masihan wasiat sangkan ngajaga makam Prabu Adilaya Raja Sumedang. Ti harita éta jalma diangkat jadi kuncén makam Prabu Adilaya, saterusna anjeunna kungsi melak lauk nu diaranan si Kohkol, Layung, Gendrang, jeung Gandrang.

Sabaraha waktu ti harita anjeunna nuluykeun lalampahanana mulang ka Sumedang, lebah manus kungsi ngarandeg heula sakedap saterusna mah angkat deui salamet dugi ka wewengkon karajaanana Sumedang.  Dicutat Tina Koran Kujang Jumaah 3 Oktober 1975.