Dongeng Sunda Si Kabayan Jeung Taleus Ateul


Dongeng Sunda Si Kabayan jeung Taleus Ateul  Dongeng Sunda Si Kabayan jeung Taleus Ateul


Dongeng Si Kabayan 

Kabayan : Teung ari manéh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu ateul ?

Iteung : Gampang, Kang. Beuti taleus dipesék, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuluy seupan. Moal ateul geura.

Kabayan : “Lila atuh kitumah Teung ! Nu babarimah méméh didahar, garoan heula taleusna … !”


Diudag Pulisi
Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngarérét kana spion ari bréh téh ditukangeun aya saurang pulisi keur ngudag manéhna. Najan haben dikalaksonan, Odoy jongjong nga-gas motorna, teu maliré da ceuk pamikirna teu rumasa ngalanggar.


Dasar motor nu ditumpakan Odoy kaluaran taun heubeul, diuber ku motor King taun pang anyarna, atuh ngan sasiet ogé kaberik. Kapaksa Odoy eureun, dina haténa ngereneng, niscaya cenah urusan jeung pulisi mah ujung-ujungna duit. Mangkaning dina dompétna ngan ukur dua puluh dua puluhna, éta gé meunang nginjeum ti dulurna basa saméméh indit.

“Aya naon pa, maké nguber ka abdi ?” tanya Odoy bari mukakeun hélem.

“Ari ujang téh tatangga bapa anu dilembur téa sanés ?” ceuk pulisi negeskeun.

“Sanés, abdi mah teu gaduh tatanggi anu janten pulisi Pa !”

“Punten atuh ari sanés mah, éta wé apal ka helemna, geuning sami jeung tatangga bapa, tadina mah badé wiat saur ka indung budak dilembur, yén bapa moal kalembur salami tilu dinten, aya dines !”

“Oh kitu nya !” ceuk Odoy nahan piseurieun.

Keur guntreng kitu kalalaran aya motor ngaliwat nu numpakna make helem persis pisan jeung nu dipaké ku Odoy.

“Boa boa itu tatangga bapa mah”.

Punten nya jang tos ngarérépot !” ceuk éta pulisi ngabius ngudag motor nu karék ngaliwat, bari haben kalaksona ditabeuh sapapanjang jalan.

“Salamet … salamet !” Odoy nyenghél bari ngusapan dompétna.