Bandung puseur dayeuh Jawa Barat. Dina mangsa révolusi, kungsi jadi lautan seuneu. Kajadianana lumangsung tanggal 24 Maret 1946, dina mangsa bangsa urang ngalawan tentara Inggris nu sapongkol jeung NICA, pikeun ngarebut kamerdékaan nu geus kacekel ku urang.
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. Tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak prajurit Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946.
Mémang saméméhna ogé kaayaan Kota Bandung geus harénghéng. Dumasar kana kasaluyuan Pamaréntah Indonesia jeung serdadu Inggris nu sapongkol jeung prajurit NICA. Sedengkeun Bandung Kidul dicangking ku Pamaréntah Republik Indonesia.
Rahayat bangsa urang nu hirup di Bandung Kalér téh henteu aman. Remen ngarempak wates, ngaganggu rahayat nu aya di wewengkon Bandung Kidul. Tentara urang ogé henteu cicingeun. Antukna mah remen anu hareupan silitémbak.
Pihak serdadu urang ngusulkeun, sangkan rentang waktu ultimatum téh dipundurkeun. Maksudna sangkan boga kasempetan pikeun ngirimkeun rahayat, ngajaga kaamanan, sarta mundurna TRI teh aya dina karapihan. Eta teh ditolak ku Létjén Stofford bari henteu rundingan jeung Létjén Hawtorne, Komandan Divisi Inggris di Bandung.
Kayaan téh beuki rengkeng baé, Syamsulrizal, Walikota Bandung harita, mutuskeun rék cicing di Kota Bandung baé, namun tekadna téh ukur lumangsung sababarah jam. Pasosoré, Walikota nampa amanat ti pingpinan TRI sangkan terburu-buru ninggalkeun kota, sabab Kota Bandung rék diduruk. Harita kénéh diémbarkeun sangkan rahayat Bandung ngarungsi.
Rahayat Bandung nurut kana paréntah. Ngaleut ngeungkeuy ninggalkeun Kota Bandung, ngajugjug ka wewengkon nu aya di sakiduleun Kota Bandung. Arinditna téhaya nu tumpak treuk, délman, atawa kéréték. Tapi kalolobaana mah badarat baé. Kolot – budak awéwé – lalaki, taya nu tinggaleun. Méh kabéh marawa barang anu sakirana kadaga – kaduga. Kitu gé barang – barang anu sakirana aya hargaan, anu dibawa téh.
Harita, di jero Kota Bandung, parapajoang keur tatan-tatan nungguan paréntah pikeun ngaduruk Bandung. Maranéhna ngabagikeun béngsin jeung dinamit.
Teu kungsi lila, kira-kira pukul satengah salapan, kadenge aya sora ngajelegur, ditéma ku sora – sora pating jelegur disawatara kawasan. Éta téh minangka tangara yén geus nepi kana mangsana ngaduruk Bandung.
Sakur kantor jeung imah, kattut wawangunan séjénna diduruk. Seuneu ngabebela, haseup hideung ngelun minuhan langit Bandung. Henteu kurang ti 150 wangunan diduruk ku parapajoang urang téh. Parat ti Jalan Pangeran Sumedang (Otista), Jalan Cibadak, nepi ka tungtun jalan Kopo. Listrik di jero kota jeung sabudeureunana, kaasup Banjaran jeung Cicaléngka, pareum.
Éta kajadian téh katelahna Bandung Lautan Api, lumangsungna tanggal 24 Mei 1946. Dicutat tina: Adeg-adeg Basa.